Sa-Ha

Tabé, pun.
Amit sejaning unjuk uninga, réhing dumasar kana rasa syukur “Nuhun” ka Nu Ngersakeun, Anu Maha Agung, jisim kuring seja ngadugikeun gerentesna kereteg, anu mangrupi karyana rasa, kersaning anu ngawasakeun, hasil tina teuteuleuman, guguaran, kokoréh, tur mulung pulung ti anu ngalangkung dina jajantung, galuh agung, manawi bahan katampi, kalayan aya guna katut mangpaatna kanggo urang sadaya, malar geusan  jadi panungtun  tur  pangjejer dina  nutur lumakuna léléngkahan hirup, sasieureun sabeunyeureun, kasanggakeun.
Tawis rasa anu dumasar kana, rasa “nyaah ka sasama, béla ka bangsa, bakti ka lemah cai, ngarawat tur ngarumat budaya, sarta niat ngawangian ka sarining lemahcai”, malar jadi sambung léngkah, sambung lémék, sambung rasa, keur  nyambungkeun  uga, tangtuna ogé ti anu kantos aya ti heubeulna, ti biharina,  sugan ngancik di kiwari geusan ngambah ka supagi. Buhun ngajadi bahan, biheunna,  sara ngajadi sari keur pangaji.
Amit, tabé pun, hampura ingsun, anu diguar saukur gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah, pilakueun dina lampah, malar katimu  rupaning mustika hirup, anu ngancik dina rasa anu katitipan, naon rupa nu jadi wujud  tulisan, muga larap jadi tutur, jadi lisan, pijalaneun tatapakan dina aweuhan jalan anu kacida lamparna, nangtu dina   kacindekan Galur. Sugrining galeuh kadeudeuh, sugrining galih ka asih,  tansah mugia, marganing  galuh pangasuh. Tandes, jadi élmu katut pangaweruh. Geusan pituduh jalan anu lempeng. Amit, sanés badé ngalalangkungan, sanes badé nyanyahoanan, sanés badé mayunan anu ti heula, sanés badé ninggalkeun anu pandeuri. Ieu mah mung  mugia pareng:

Nu jauh urang deukeutkeun.
Geus deukeut urang layeutkeun.
Geus layeut urang paheutkeun.
Geus paheut urang pageuhkeun,

Geus pageuh urang wangikeun.
Nu kungsi dihandeuleumkeun.
Nu kungsi dihanjuangkeun.
Urang cokot geusan teuleum.

Urang téang geusan midang.
Nya midang, di banjar karang.

Lebak panitisan bentang.
Nya bentang ti para Hyang.

Nu murba di alam padang.
Sapasini, saparanti,
Sa jalan, sareureujeungan,
Sareundeuk, saigel, sabobo, sapihanéan,

Ka cai jadi saleuwi, 
Ka darat jadi salogak, 
Malar hirup runtut raut sauyunan,
Pataréma rasa.

Geusan  nyukcruk  uga ti para luluhur,
Mapay tapak  ti para Sanghyang Pudak, 
Nu dipuluk mustikana, 
Salaku pancer sajati, 

Nu dihin ajaring  tangtu,
Nu misti élmuning  pasti,
Geusan ngadadali diri.
Dadalina uga ludra,

Manuk leuweung ménak lawung,
Lawungna di palawangan.
Nya lawangna geusan luang,
luangna ti pada urang.

urang  nu nyorang , urang nu nyaring,
Nyorangna jalan séwangan,
Nyaringna ugeran kuring
Seja tandang seja tanding.

Tandang bari ngarawang,
Tanding bari ngariding. 
Bari,nabeuh kohkol awi ,
Bahanna ku haur bitung,

Meunang nuar luhur gunung,
Sorana nyaring tang-ting-tung.
Ngelentrung lir anu ninun,
Nu sidongdang dina sahung,

Hateupna ku rangrang kawung
nu dijieun songkét Bandung.
Songan iket banda indung

Pun!!!

Satu Tanggapan to “Sa-Ha”

  1. Kalayan Hurmat,

    Awon heunteu kapiunjuk, manawi pareng hoyong tiasa silihliron Banner
    atanapi
    Link, antawis Gerentes Hate (http://nurapratama.web.id) sareng situs pangersa.
    Urang silih pidangkeun, etang – etang “Gawebareng”. Mugi luntur
    galih
    tiasa nyaosan panawisan jisim abdi sadaya.
    Hapunten samudaya kalepatan.

    Hatur Nuhun,

    GerentesHate

Berikan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

%d blogger menyukai ini: