Arsip untuk Sunda

Talari Paranti

Posted in Mustika with tags , , on Mei 7, 2008 by puragajati

Dina medar tur ngaguar harti anu misti ku mustari, pikeun ajén-inajén kamanusaan, numutkeun anu kapibanda jeung anu dipiwanda, dina kapribadian Manusa Sunda anu disebut  “Talari Paranti”. Hamo kudu landung  ku  catur, hamo kudu  panjang ku panalar,  dina lumaku-na, ngadadaran ku carita, pibahaneun ngudag élmu, ning rasa kasampuraan, jeung , ning rasa  ka- sampurnaan  geusan diri, dina hiji ajén anu tangtu, nyatana  Ngolah Diri, geusan:
• Kasampurnaan: sipat laku  (ules, watek), anu nyahayakeun sinar (cahaya, asal) ti anu wasaNa,  geusan  ngawasakeun ka anu diwasana, pikeun ngabasakeun wasa pangawasa ku kersana. Sinarna atawa pancer diri
• Kasampuraan:  wujud jeung laku anu nyinarkeun cahaya sinar wasaNa, anu dina ngawasa-keunana. nyinarkeun atawa mancerkeun                      
Sampurna di wasa Gusti anu Ma-Ha, sampurna di basa ingsun anu nga Ma-Ha.”
(Gusti Pancerna Sipat, Ingsun anu mancerkeun dina kasipatanana).

Indonesia

Posted in Mustika with tags , , on Mei 7, 2008 by puragajati

Dina mangsa kiwari, anu kanyataanana teges, hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon kahirupan manusa, sangkan tepung jeung naon anu dipaluruh, nyatana kasajatian diri, kamanusaan, mampu nepikeun kana lalaku jeung lumakuna hirup anu ngama’na, sarta bisa diwujudkeun dina sipat jeung tabéat anu nyata. Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah jeung dipedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan.  Sangkan pangajegna  sajatining diri  anu sampurna, pikeun ngawangun tatanan hirup:

1.Katuhanan:  sangkan ngadeg kasajatian diri  kamanusaan.
2.Kamanusaan: sangkan ngadeg kasajatian diri kabangsaan.
3.Kabangsaan: sangkan ngadeg kasajatian diri karahayatan.
4.Karahayatan: sangkan  ngadeg kasajatian diri kaadilan.
5.Kaadilan: geusan ngadeg kasajatian diri kamardiikaan.

Dasar anu lima di luhur, nyatana hiji gambaran pasti pikeun nata lajuning hirup kumbuh pikeun nyahayakeun wujud anu kasipatan ku karsa jeung kersana anu Ma-Ha, geusan wawuh ka kujur katut pangeusina diri, sarta apal ka papancén hirup salaku “Abdi anu ngabdi  ka anu kagungan abadina”.

Bubuka Ajining Rasa

Posted in Mustika with tags , , , , on April 19, 2008 by puragajati

Niat kuring aji-ning rasa. 
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal.
Tunggal sarasa, tunggal sa-pangawasa,
Jalan  nu rahayu mapag alam kabagjaan,
Eunteungeun  diri pribadi.
Basa mah gambaran rasa. Budi mah gambaran ati.
Ngancik’na raga salira.
Dina batin anu sidik, anu tara daek nga-bohong, jeung di bohongan.
Jaga diri ati-ati.  Pinasti hirup taliti
Dumugi mapagna pati.
Hirup pasti  ku, cageur Na, ku bageur’Na ku bener’Na.
Sing taat ka pamarentah.
Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama.
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna.
Amjalu papadang ati.
Awaking bujang ka sakti.
Bisa maca bisa ngaji.
Ngajina na tungtung ati.
Macana na tungtung rasa.
Nu hurung dina jajantung.
Nu herangna, di kalilipa.
Hurung tanding damar hurung.
Siang tanding damar herang.
Anu hurungna, kurungan.
Nu herangna, eusi rasa.
Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal.
Remet ménténg dina angen.
Anu ngilo dina tikoro.
Nu ngintip dina lalangit.
Buka ini buka rohani.
Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa.
Supaya kapanggih bukti.

Nu puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna.
Bray cahaya, bray cahaya.
Cahaya anu kawasa.

Ka anu nyepeng  dinten tujuh dawuh lima.
Pager duawelas.
Kasaderek anu opat, kalmia pancer salira.
Ka saderek anu medal,
Ka sederek nu teu medal.
Ti putra anu medal.
Ti putra anu teu medal.
Guru lahir, guru batin.
ti guru sidik. Ti guru permana.
Ti nu ngukur tangtung,
Ti nu kagungan rahayu.
Ti nu kagungan darajat.
Ti anu ngandung.
Ti anu ngayuga.
Ti luhur anu mayungan.
Ka handap anu nganparan.
Ti gigir anu ngajaring.
Ti tukang anu ngagiring.
Ti hareup anu nampian.

Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.
Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung.
Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis.
Nu ngancik di pasir panggung. Nu kasep kang Kamajaya

Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih.
Pa-gelaran alam kandung asih indung.
Pa- ngawit-an  pangrungruman tuturunan.

Bukti Tunggul,
Nya muga, tunggul  anu ngarahayu, ti sunan ambu.
Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung.
Mangsa di bentaran gelap
Gunung gelap reureuh mijah,
Ku aji ning halimunan,
Di sieuman ku handeuleum.
Di caangan ku hanjuang.
Meleberna p lo sari, ning mangari.
Pangrungruman  menak ti gunung haruman.
Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,

Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.
 
Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.
Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha’na.
Anu kersa anu karsa.
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.

Tabé Pun ahung nya ahung.
Amit sun hampura ingsun.
Nya paralun, seja ulun
Kapara luluhung agung.
Nu ka agungan ku pangagung.
Nu ngadeg di nuwung-uwung.
Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.

1.Di Mandala  Méga Manggul
2.Di Mandala  Méga Malang.
3.Di Mandala  Méga Beureum.
4.Di Mandala  Méga Si karembangan.
5.Di Mandala  Méga Si kareumbingan.
6.Di Mandala  Méga Si antrawela.
7.Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8.Di Mandala  Bumi suci kerepek séah.
9.Di Mandala  Bumi Beureum.
10.Di Mandala  Bumi Hideung.
11.Di Mandala  Bumi Héjo.
12.Di Mandala  Bumi Konéng.
13.Di Mandala  Bumi Hawuk.
14.Di Mandala  Bumi Putih.
15.Di Mandala  Bumi Céngcéréngan.
16.Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17.Di Mandala  Bumi Sang Hyang Ribut.
18.Di Mandala  Bumi Suci  Alam padang.

Galura bakti ,ka luluhur
Ka -Papara karuhun urang sakabéh.
Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di paraké jampé.
Tibaheula nu jadi tari paranti.

Pun sampun ka sang roh Pun.
Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari.
Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang.
Anu tara ngabohong jeung di bohongan.

Ka Batara Sunan Rama.
Ka Batari Sunan Ambu.
Karadén caang gumelar, cahaya sakti.
Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti.
Sapulukaneun.
Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah.
Tik  bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula.
Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis.
Ka iringkeun kunu kasép.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasép Bujang Sarana.
Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa.
Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra.
Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Pohaci.

Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat Nga-haturan pangabakti.
Sapulukaneun ka sadaya para luluhur.
Karuhun karuhun suci.

Anu ti kalér, sa kalér
Anu ti kidul,  sa kidul
Anu ti kulon, sa kulon.
Anu  ti wétan, sa wétan.
Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kénéh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Ulah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di émbohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang
Di tanghikeun  kunu geulis.

Cag………Rampés.

Ki Laras Maya Poerba Sasaka

Ngasuh Ngaluwuh Musuh

Posted in Mustika with tags , , , , on April 18, 2008 by puragajati

nganon nu ka sarumahan
geusan surup kana tangtung
geusan Atra kana Rasa
Ebreh sapangeretan
Nusa Sa-Ma, Nusa Sa-Ha
Nu Sa Sa-Ma, Nusa Sa-Da
Ma Ha Ma Da

(anu mancen jeung nu dipancen)