Arsip untuk Mei, 2008

Talari Paranti

Posted in Mustika with tags , , on Mei 7, 2008 by puragajati

Dina medar tur ngaguar harti anu misti ku mustari, pikeun ajén-inajén kamanusaan, numutkeun anu kapibanda jeung anu dipiwanda, dina kapribadian Manusa Sunda anu disebut  “Talari Paranti”. Hamo kudu landung  ku  catur, hamo kudu  panjang ku panalar,  dina lumaku-na, ngadadaran ku carita, pibahaneun ngudag élmu, ning rasa kasampuraan, jeung , ning rasa  ka- sampurnaan  geusan diri, dina hiji ajén anu tangtu, nyatana  Ngolah Diri, geusan:
• Kasampurnaan: sipat laku  (ules, watek), anu nyahayakeun sinar (cahaya, asal) ti anu wasaNa,  geusan  ngawasakeun ka anu diwasana, pikeun ngabasakeun wasa pangawasa ku kersana. Sinarna atawa pancer diri
• Kasampuraan:  wujud jeung laku anu nyinarkeun cahaya sinar wasaNa, anu dina ngawasa-keunana. nyinarkeun atawa mancerkeun                      
Sampurna di wasa Gusti anu Ma-Ha, sampurna di basa ingsun anu nga Ma-Ha.”
(Gusti Pancerna Sipat, Ingsun anu mancerkeun dina kasipatanana).

Indonesia

Posted in Mustika with tags , , on Mei 7, 2008 by puragajati

Dina mangsa kiwari, anu kanyataanana teges, hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon kahirupan manusa, sangkan tepung jeung naon anu dipaluruh, nyatana kasajatian diri, kamanusaan, mampu nepikeun kana lalaku jeung lumakuna hirup anu ngama’na, sarta bisa diwujudkeun dina sipat jeung tabéat anu nyata. Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah jeung dipedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan.  Sangkan pangajegna  sajatining diri  anu sampurna, pikeun ngawangun tatanan hirup:

1.Katuhanan:  sangkan ngadeg kasajatian diri  kamanusaan.
2.Kamanusaan: sangkan ngadeg kasajatian diri kabangsaan.
3.Kabangsaan: sangkan ngadeg kasajatian diri karahayatan.
4.Karahayatan: sangkan  ngadeg kasajatian diri kaadilan.
5.Kaadilan: geusan ngadeg kasajatian diri kamardiikaan.

Dasar anu lima di luhur, nyatana hiji gambaran pasti pikeun nata lajuning hirup kumbuh pikeun nyahayakeun wujud anu kasipatan ku karsa jeung kersana anu Ma-Ha, geusan wawuh ka kujur katut pangeusina diri, sarta apal ka papancén hirup salaku “Abdi anu ngabdi  ka anu kagungan abadina”.